CONTOH TUGAS AKHIR PERKULIAHAN PENDIDIKAN BASA SUNDA PROGRAM S.1 PGSD DUAL MODES

TUGAS AKHIR PERKULIAHAN
PENDIDIKAN BASA SUNDA PROGRAM S.1 PGSD DUAL MODES

Nami : Nina Sriherlina
NIM : 0709855

JAWAB:

1. Basa mangrupa lambang sora omongan mangrupa system anu ngabogaan wangun jeung harti. Dipakena basa teh dumasar kana karageman atawa kasapukan masyarakatna. Tujuan atawa fungsi dipakena basa teh pikeun pakakas atawa alat komunikasi, nya eta ngedalkeun pesan, rasa, pikiran, jeung kahayang kajalma lian atawa narima pesan ti nu lian.
Elmuning basa ngupayakeun pikeun ngulik jeung medar basa katut eusina. Tegesna, elmuning basa boga tujuan pikeun ngadadarkeun system atawa kaedah basa. Kukituna, muncul rupa-rupa widang linguistik psikolinguistik, sosiolinguistik, etnolinguistik, filsafat basa, jeung pangajaran basa.
System basa ngawengku subsistem:
tata sora
tata kecap
tata kalimah
tata wacana
Sistem atawa adegan basa dipatalikeun kana makena basa, boh lisan (nyarita jeung ngaregepkeun) boh tulisan (nulis jeung maca), ku kaedah khusus anu disebut pragmatik. Kaedah pragmatik dipake geusan nangtukeun bener jeung merenah henteuna komunikasi basa. Konteks situasi makena basa nyoko kana UNGKARA, nya eta;
U (ndak usuk basa)
N (u make basa jeung nu dicaritakeun) :
G (aluromongan)
K (asang tukang tempat, waktu, jeung suasana)
A (lat nu digunakeun)
R (asa, nada, jeung ragam basa) sarta
A (manat jeung maksud omongan)
1. FONOLOGI
Fonetik
Fonetik bisa dibagi 3 warna nya eta fonetik organis, fonetik akustik, fonetik auditoris.
Proses Ngawangun Sora Basa
Proses ngawangun sora basa aya opat rupa nya eta 1). Proses kaluarna sora tina bayah, 2). proses fonasi, nya eta liwatna sora tina tikoro 3). proses artikulasi nya eta proses ngawangun sora ku articulator 4). Proses oro nasal, proses kaluarna sora ngaliwatan baham atawa irung.
Pakakas Omongan
Nu kaasup pakakas omongan nya eta: bayah, genggerong, puhu genggerong, pita sora, krikoid, tiroid, aritenoid, rohangan elak-elakan, epiglottis, akar letah, tonggong letah, tengah letah, daun letah, tungtung letah, elak-elakan, lalangit hipu, lalangit teuas, gugusi, huntu luhur, huntu handap, biwir luhur, biwir handap, sungut/cangkem, rohangan sungut, rohangan irung
Sora basa
Nu kaasup sora basa nya etal. vocal, konsonsn,semivokal 2. nasal jeung oral 3. panjangjeung pondok 4.bentes jeung halon 5. rangkepan jeung salancar 6. agresif jeung inggresif 7. geminate jeung homorgan
Cara Ngawangun Fonem Basa Sunda
Sora basa anu di sebut fonern diwangun kucara diartikulaskeun.
a. Cara ngawangun Vokal, gumantung kana posisi biwir
b. Cara ngawangun konsonan, diwangun kuhawa nu kaluar tina bayah sarta waktu naliwatan tikoro meunang gahalangan.
Ciri Fonetis Sora Basa
Ciri fonetis sora basa dumasar kana cara diwanguna.
Varian Sora basa
Varian sora basa the mangrupa bagian tina variasi atawa wujud tina rupa-rupa manifestasi unsure-unsur basa dina konteks anu tangtu nya eta di bagi dua varian kauger jeung varian bebas.
Pangaruh sora basa
Nya. eta hiji kagiatan alat ucap nu hiji raket patalina jeung kagiatan sejenna dina konteks nu tangtu.
Pangaruh sora basa bisa dibagi ku tilu rupa nya eta; proses asimilasi, proses disimilasi, proses artikulasi panyarta.
Sora Suprasegmental
Nya eta fonem-fonem anu gunana pikeun marengan fonem-fonem segmental. Ciri-cirina bisa mangrupa tekanan, jangka, wirahma, randrgan.
Trankripsi jeung Transilterasi
a. Transkripsi nya eta nuliskeun ucapan atawa ngarobah teks geusanmere saran.
b. Transliterasi nya eta ngaganti aksara tina abjad nu hiji kana abjad sejenna, tanpa nitenan ucapan sora kecapna.


2. FONEMIK

2.1 Fonemik

Nya eta bagian tina fonologi anu maluruh fonem, selang surupna, parobahan katut kamekaranana.

2.2 Kamekaran fonemik

2.3 Fonemis

2.4 Fonotaktik

Nya eta kaedah anu ngatur cara ngaruntuykeun fonem anu aya dina hiji basa.

2.5 Distribusi fonem

Nya eta sakumna posisi anu dicicingan ku fonem dina engang atawa kecap. Distribusi vocal nya eta akumna posisi anu bisa dicicingan ku fonem vocal dina engang atawa kecap, Distribusi konsonan nya eta sakumna posisi anu bisa dicicingan ku fonem konsonan dina engang atawa kecap.

2.6 Gundukan Fonem

Gundukan fonem dibagi dua:

a. Gundukan vocal nya eta runtuyan datar dina dua vocal atawa leuwih bari teu kaselapan ku konsonan

b. Gundukan Konsonan nya eta runtuyan datar dina dua vocal atawa leuwih bari teu kaselapan ku vocal.

2.7 Adegan Engang

Nya eta wangun engang disawang tina usunan fonem jadi pangwangunan

2.8 Proses Morfofonemik Basa Sunda

Porses gantina fonem, proses leungitna fonem,proses tambahna fonem, proses pindahna fonem, proses aworna fonem



3. MORFOLOGI

3.1 Wangenan morfologi jeung ambahan morfologi.

Nya eta maluruh atawa medar mortem jeung kecap katut parobahanana.

3.2 Satuan-satuan dina morfologi

a. Rarangken nya eta morfem kauger anu potensial pikeun ngantet jeung morfem lian

b. Beungkeutan Gramatikal nya eta satuan dina struktur basa

c. Morfem nya eta satuan gramatikal nu pangleutikna

d. Cakal nya eta morfem anu mibanda harti leksikal sarta dasar anu ngawangun kecap

e. Klitik nya eta morfem kauger anu mibanda harti leksikal tapi lain cakal.

f. Morf nya eta runtuyan fonem nu mibanda asosiasi ma'nja

g. Alomorf nya eta wujud nyata dina hiji morfem anu geus di tangtukeun distribusina





3.3 Kecap

Nya eta wangun bebas anu lain frasa

a. kecap asal pancaengang

b. kecap asal dwiengang

c. kecap asal ekaengang

d. kecap rekaan

e. sifat kecap

f. kecap asal caturengang

g. kecap asal salancar

h. kecap asal triengang

3.4 Proses morfologis

a. Fungsi Semantis

b. Fungsi Gramatis

3.5 Kecap Rundayan

Nya eta kecap anu diwangun ku era ngantetkeun rarangken kana wangun asalna.

a. Rarangken gabung ; ar + di, keun + asup.

b. Rarangken hareup : ba, barang, di, ka, n, pa, pada, para/pra pi, sa, sang, si, silih, ti, ting/pating.

c. Rarangken tengah; ar, in, um,

d. Rarangken tukang ; an, eun, keun, ing, na.

e. Raragken barung ; kapi, pika, ka-an, pa-an, pang-keun,, pang-na, pi-eun, pika-eun-sa-eun.

3.6 Kecap rajekan

1. dwipurwa ngarajek sabagian

2. dwimadyangarajek enang tengah wangun dasar

3. Trilinga rajekan kecap asal nepi ka tilu kali

4. swilingga ngarajek kecap asal sagemblengna

5. dwimurni ngarajek mortem sagemblengna

6. dwireka ngarajek wangun dasar sagemblengna tur binarung

7. dwilingga binarung kecap rajekan nu mangrupa hasil garajek wangun asal

3.7 Kecap kantetan

Nya eta ngarakit dua mortem pokok atawa leuwih.



4. SINTAKSIS

Nya eta ulikan ngeunaan pola-pola nyusun kecap jadi kalimah anu medar frasa, klausa jeung klausa.

4.1 Frasa nya eta konstruksi gramatik anu di wangun ku dua kecap atawa leuwih.

4.1.1 Ekosentrik nya eta frasa anu henteu sarua distribusina jeung sakabeh unsurna (pangantet, panyambung, gaganti panyambung

4.1.2 Wanda frasa

4.1.3 Endosentrik nya eta frasa anusarua distribusina jeung salahsahiji atawa sakabehna (frasa endosentrik apositif, atributik, kordinatif, objektif jeung konektif).

4.2 Werna frasa nya eta nurutkeun sasaruanana distribusina jeung katagorina kecap atawa warna kecap nu jadi unsure puseurna. (frasa barang, pagawean, sifat, bilangan, kateranan, pangantet)

4.3 Klausa wangnan basa anu miboga cirri-ciri gramatik anu ngeusian leunjeuran kalimah, predikat, unsure objek, pelengkap atawa katerangan.

4.3.1 Klausa dumasar kanadistribusi unitna

4.3.2 Tanpa gawe

4.3.3 Klausa golongan

4.3.4 Klausa bebas

4.3.5 Kausa pagawean

4.3.6 Pagawean tanlaju

4.3.7 Pagawean ekalaju

4.3.8 Klausa kaayaan

4.3.9 Klausa kauger (barang, sifat, keterangan waktu,syarat, tujuan, sebab, akibat, hasil, ngaku, cara. Guna, babandingan,wawaran, pananya golongan, pagawean kaayan, jumlah, ukuran, tempat, waktu. Cara, sebab, pantah, panganteb,Bituna rasa).



5. SEMANTIK

5.1 Ambahan semantik

Nya eta bagean tina elmu basa nu ngulik jeung medar harti dina hiji basa, asal-usul, selang surup,parobahan tur kamekaran harti

5.2 Harti nya eta patalina antara lambang omongan jeung obyek anu dimaksud

a. Parobahan harti (ngajembaran, ngaheureutan, ngaiuhuran, ngahandapan, ngupamakeun, matukeurkeun

b. Aspek harti (tema ,nada,rasa, amanat)

c. Warna harti leksikal (langsung, injeuman, structural

5.3 Kandaga kecap(leksikologi,etimologi,leksikografi)

5.4 Prinsip struktur leksikal (patumpuk, padupak, silih lengkepan, wengkuan, wancahan

5.5 Wanda structural leksikal (kecap saharti, sabalikna, sangaran, sawangun, sasora, sawengku, anekaharti, wancahan tngkesan, singgetan, tangkesan, memet.

5.6 Pakeman basa (babasan, paribasa, gaya basa, rakitan antif, kecap kiasan, cacandran, Uga, caturraga, candrasangkala, repok

5.7 Istilah

5.8 Kecap dasar.



6. PRAGMATIK

Nya eta prak-prakan makena basa atawa undak usuk basa sunda. Tingkatanana;

a. lemes keur sorangan

b. sedeng

c. lemes pisan

d. Imes biasa
songongsongong paranti nyarekan (DK. Ardiwinata)

7. ELMUNING SASTRA SUNDA
KeCap sastra asalna tina basa sansekerta, nu hartina buku pangajaran, elmu pangaweruh, naskah, buku suci. Nu kaasup sastra sunda nya eta :
1. Mantra
Nu kaasup mantra nyaeta :
a. Asihan disebut peet
b. Ajian dimaksud keur kakuatan
c. Singlar dimaksud nyinglarkeun
d. Jampe dimaksud keur ngubaran
e. Raja Pamunah maksudna kana kasalametan
f. Jangjawokan dimaksud menta kasalametan
2. Sisindiran
Nya eta omonan anu dibalibirkeun henteu togmol Sisindiran dibagi jadi;
a. wawangsalan
b. rarkitan
c. paprikan
3. Kakawihan
Nu kaasup kakawihan diantarana;
a. margaluyu
b. mindoan kawit
c. wangun paparikan
d. laraswekas
4. Guguritan
Nu kaasup guguritan nya eta;
a. kabatinan
e. Kajadian
a. piwulang
b. kelar
f. surat, biantara, sawer, jeung buka pintu.
g. pupuh dina guguritan

1) Asmarandana
2) Dangdanggua
3) Durma
4) Maskumambang
5) Pucung
6) Kinanti
7) Sinom Mijil
8) Pangkur
9) Balakbak
10) ladrang.
11) Lambang
12) Gambuh
13) Gurisa
14) Wirangrong
15) Magatru
16) Jurudemung
5. Wawacan

Nyaeta carita anu dianggit ku pupuh.

Conto judulna: Asal-usul ngaran kawali

Nyai sumur bandung

Rengganis

Prabu udayana

6. Pupujian

a. Muji ka Allah

b. Solawat Nabi

c. Do'a jeung tobat

d. Pepeling

e. Ajaran agama

7. Sajak wanguna
a. epik
b. lirik
c. dramatik
8. Carita Pantun
a. rajah
b. narasi
c. deskripsi
d. dialog
e. monolog
9. Dongeng
Nukaasup dongang
a. sastoan.
b. babad
c. sasakala
d. Kahirupan jalma biasa
e. Cartita para nabi
f. Pieunteungeunpamuk

Conto Mantra ajian;
AJIAN KABEDASAN
Sang balagedung bakaling jagat
Sang balageding bakaling langit
Sang baleputihbakaling bumi
Sakata he nyawa punika
Ana ingsun kabeh
Conto PupuhAsmarandana
Eling-eling murangkalih
Kudu apik berseka
Ulah Odoh kapanganggo
Kotor geura seuseuhan
Soeh geura kaputan
Kanu butut masing butuh
Kana anyar masing lebar
Conto Wawangsalan
Kendang gede pakauman Dagdigdug rasaning ati bedug
Conto Sisindiran
Ngimpi ngajul kembang tanjung
Ngimpi ngala nagasari
Nya munjung kudu ka indung
Supaya waluya diri
8. AMBAHAN BAHAN AJAR BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SD
Ambahan bahan ajar (mated pokok) basa jeung sastra sunda Sakola Dasar ngawengku tilu widang garapan utama, nya eta:
a. Pangaweruh basa, nu ngawengku :
(1) Adegan sora; ucapan jeung ejahan
(2) Adegan kecap ; wangun jeung warna kecap
(3) Adegan kalimah; wanun, warna, fungsi, jeung wanda kalimah
(4) Adegan kecap; warna harti, robahna harti,, patali hartlkecap serepan, kecap istilah,pakeman basa, undak-usuk basa jeun gaya basa.
b. Pangaweruh, apresiasi, jeung ekspresi Sastra, anu ngawengku :
(1) Puisi (wangun ugeran); mantra, sisindiran,kakawihan, pupujian,guguritan, eung wawacan
(2) Prosa (wangun lancaran); unsure, warna (carita pantuacarita wayang, dongeng, carpon, nopel) jeung
(3) Drama; unsure, warna (purna drama, gending karesmen)
c. Kaparigelan Basa, ngurung opat aspek nya eta
(1) Ngaregepkeun
(2) Nyarita
(3) Maca jeung
(4) Nulis.

9. CARA NGAJARKEUN BASA SUNDA DI SD NYA ETA
1. Kudu ngacu kana
a. Buku paket siswa sing memadai
b. Kesiapan guru
c. kesiapan siswa
d. guru nguasai materi
e. Instrumen penilaian sing sesuai
f. kudu rutin komunikasi guru jeung siswa make basa Sunda sing bener
g. Rencana Pelaksanaan Pangajaran
h. Metode sing pas jeung menarik
i. Program pangajaran
j. Silanus
k. Alat pangajaran dipake
l. Bahan ajar/sumber sing pas